Nilik dina harti basa mah nudisebut basajan teh nyaeta sederhana. harti pilosopis mah, sederhana teh panjang pisan jeung rada hese di tulis dina bahasa tulisan, sabab sederhana mangrupa bahasa pagawean anu sapopoe kudu dihartikeun.
Anu kagambar jeung anu ka alaman dina laku lampah sapopoe ku kuring, prilaku sederhana teh di wangun ku dukungan sababaraha faktor anu teu meunang heunteu kudu aya dina diri urang. faktor faktor anu kudu aya sangkan urang hirup sederhana diantarana nyaeta :
1. Luang jeung pangalaman ( elmu pangaweruh )
2. Ulah tanggah dina masalah dunya ( ningali kabatur ngan saukur dunyana )
3. Wani ngarasakeun kana pait peuheurna hirup anu ka alaman ku jalma lain ( tenggangrasa tea )
4. jeung sajabana - jeung sajabana
Ceuk batur mah kuring teh disebut jalma basajan ( laaaah sombong geuning ), teuing meureun pedah teuboga nudisebut raja kaya, teuing mereun geus jadi tabeat kuring anu embung katanggar kubatur dina rupa rupa hal. tapi anu ka alaman, hirup sederhana teh nimbulkeun sababaraha makna anu samemehna teu bisa kaharti ku kuring. anu kaharti mah tina bahasa sederhana teh di antarana nyaeta :
1. Sederhana sok ngajadikeun urang paham kana hakekatna masalah.
2. Sederhana sok nimbulkeun pola hirup anu leuwih ngarah kana sajatining hirup
3. Sederhana sok ngajadikeun hirup urang nyumput dina caangna kahirupan
coba urang tata an hiji hiji
( "calik sing sae, reugeupkeun, ulah motah! mama bade ngawurukan ) heheheheheheheh..........................."
Sederhana sok ngajadikeun urang paham kana hakekatna masalahHiji masalah bakal kaharti jeung bakal kamaknaan lamun geus ka alaman. hese pisan hiji jalma norobos ka alam anu bakal karandapan pikeun ngahartikeun hiji masalah dina dangeut ieu. dina jaman anu sarwa aheng ayeuna, masalah hirup teh anu katingali ngan saukur sandang, pangan jeung papan ( pakean, kadaharan jeung pangrereban ). tur padahal hirup urang kumelenang di dunya pasti boga tujuan anu mandiri nyaeta kabagjaan di dunya jeung kabagjaan jaga di akherat.
urang sok ngabayangkeun yen kabagjaan teh bakal ngancik lamun urang geus cumpon sandang, pangan jeung papan anu sarwa hade, alus, hebat , megah, agung jeung liana anu matak nimbulkeun rasa bangga. urang oge sok salah makna yen kabagjaan teh ayana dina dunya mabara, padahal kabagjaan mah sifatna halus anu ngancik dina hate urang sarerea.
"............. coba urang contoan kudongeng nyaaaaa ?????"
hiji carita urang mimitian ku pertanyaan
naon bedana baju anu hargana sajuta jeung baju anu hargana dua puluh rebu ?
naon bedana motor taun 90han jeung motor taun 2000an ?
"jarawab ulah ungut ungutan bae................ jawaban ditulis di selembar kertas lalu kumpulkan !!!!!!!"
jawaban tina pertanyaan anu kahiji pasti urang bakal ningali bedana harga, bedana model, jeung rea reana deui. padahal lamun urang ngamaknaan tina masalah milih baju, hirup sederhana pasti bakal mere panghibar yen hekekat tina baju teh nyaeta nutupan awak ( nutupan orat ). dina hakekatna meli baju ku urang geus ka gambar yen anu jadi perbedaan pang geude geudena nya eta napsu urang anu teu bisa kaukur.
kitu deui jawaban tina pertanyaan anu kadua lamun urang hirup sederhana pasti apal hakekatna motor. nyaeta hiji alat pikeun nepikeun urang katempat sejen dina waktu anu singket. jadi moal aya perbedaan antara motor heubeul jeung anyar, da pungsina mah sarua bae nu penting masih keneh bisa dipake.
"waktos ieu mah dicekapkeun sakieu bae nya margi parantos magrib, sanes waktos urang teraskeun deui pedaran caritana ................."
Tidak ada komentar:
Posting Komentar